Kamis, 02 Juli 2015

Lirik Lagu Doel Sumbang - Persib




Doel Sumbang PERSIB

Persib moal ngeper ngadu nasib
Persib tara ngeper ngadu nasib
Persib moal ngeper ngadu nasib
Persib cadu eureun ngome nasib

Kasebelasan kameumeut si maung bandung
Gede kawani seukeut kuku seukeut sihung
Tong asa asa gawang lawan sina jebol
Bere angka eunol angka buleud tur bahenol

Jieun cangkel lawan moal matak doraka
Jieun eleh lawan moal matak kawalat
Jieun kampung lawan moal matak dilaknat
Jadi juara lain pagawean dosa

 Mun  dipareng meunang ulah jadi bekah sirah
Mun dipareng eleh tong ngalehleh komo leweh
Dina pertandingan eleh menang mah biasa
Tong dipake leuleus komo jeung aral subahar

Bobotoh Persib nu ngaku tulus di cinta
Lamun Maung Bandung eleh kuciwa biasa
Tapi ulah murang maring kawas jalma geuring
Komo bari make ngaruksak sagala rupa

Kota Bandung milik urang sarerea
Lamun ruksak leubar kabina-bina
Komo ukur alatan rasa kuciwa
Beda Maung Bandung eleh dina main bola